Keterangan |
: Rea sastrawati nu karyana terbit mandiri. Teu kurang deuih nu karyana punjul tur meunang hadiah. Geus tangtu karya-karya eta teh bakal jadi pangrojong kana kamajuan sastra Sunda hususna, budaya Sunda umumna. Tapi ayana kum-pulan carpon sastrawati Sunda oge teu kurang pentingna. Kumpulan carpon teh bakal mere gambaran kumaha pandangan para sastrawati Sunda kana kahirupan ayeuna jeung kahirupan jaman nu bakal kaalaman. Sanajan karya mandiri hiji sastrawati bakal mere pangalaman nu leleb ka nu macana, kumpulan carpon aya punjulna, nyaeta di sagigireun leleb, pangalaman nu kaalaman ku nu maca teh bakal leuwih jembar. |